Jumat, 18 Februari 2011

Wayang Golek Versi Kaset

Wayang Golek Versi Kaset

Kanggo ka sadaya kadang wargi anu mikacinta ka budaya sunda, diantawisna Seni Wayang Golek, simkuring nyanggakeun ieu Lakon-lakon Wayang Golek dina wujud MP3. Mudah-mudahan sing janten motivasi kanggo ka urang khususna para nonoman nu aya di tatar sunda, supados tiasa ngajenan, ngamumule, tur ngaronjatkeun budayana.

Asa ku lebar pisan budaya urang (sunda) nu sakitu beunghar tur luhung ajenna dimomorekeun ku urang nu pituin sunda. Ulah dugikeun ka Jati Kasilih Ku Junti (Budaya urang kasilih / kalibas ku budaya deungeun).

Tahap awalmah urang diajar mikaresep heula ka seni budayana, diantawisna dihandap ieu simkuring parantos nga-posting file-file MP3 lakon wayang golek. Salian ti hiburan wayang golek teh mangrupi hiji jalan kanggo urang mulungan elmu agama, da numutkeun sajarahna waktos jaman Sunan Kalijaga, mantena tiasa nyebarkeun agama islam kalayan lancar tur gampil ditarima ku umat, salah sawios jalana nyaeta ku Seni Wayang.

Mudah-mudahan sing seueur pulungeunana kanggo urang, kalayan manfaat dilarapkeun dina kahirupan, nu dipalar salamet urang di dunya tur akheratna. Amin.

Perhatosan

Postingan ieu mung saukur preview, galeuh kaset aslina Sangkan seniman-seniman sunda tetep eksis tur sumanget dina kreasina.

Bandung Naga Sewu @DeonChannel7811

Prabu Gondayitma Kaset Pita @DeonChannel7811

Prabu Jaya Maruta Kaset Pita Youtube @DeonChannel7811

Bandung Bandawasa Nitis

Jaka Gintiri (Semar Rarabi)

Narayana Ngalalana

Astrajingga Gugat

Pandawa Tuntas Nyamur

Bangbang Wiramanik

Arimbi Ngadeg Ratu

Dawala Diistrenan

Budak Buncir

Gatotkaca Krama

Palagan Di Maliawan

Prabu Gondayitma

Gatotkaca Mangkat Birahi

Sanghyang Bima Pawitra

Somantri Ngenger

Rahwana Pejah

Bima Mungkus

Sanghyang Jaya Lengkara

Bima Lodra (Giri Harja 2)

Dewa Permana Sidik (Tangkal Rahayu Ningrat)

Dorna Gering (Dewa Debat 2)

Batara Surya Pringga

Dewa Debat

Gatot Kaca Gugat (Rebutan Daerah Pringsendani Bag. 1)

Pandawa Adu Bola

Kresna Murka (Lanjutan Gatot Kaca Gugat)

Bambang Melasrana

Karna Diperdaya

Prabu Bandung Naga Sewu

Bocah Ireng (Lakon Buhun Pa Asep Sunandar)

Versi Videona mangga buka channel youtube https://www.youtube.com/@ESBIOFFICIALSubscribe

39 komentar:

  1. link wayang golek na di mediafire we supados gampil tur enggal ngunduhna :) hatur nuhun sateuacana

    BalasHapus
  2. Harur nuhun tos dipostingkeunn ieu waygol, jadi nambahan koleksi, upami dina kaset mah pasti kasetna bulukan, sae di mp3 keun. mudah-mudahan pa asep ngawidian. Pami tiasa mah langkung seuer deui mp3 wayoglna ti bapa dalang Ade kosasih, pa Dede Amung sareng ti p Cecep Supriadi.

    BalasHapus
  3. Kang, abdi ngadamel mp3 wayang golek tina kaset pita, hasil awon pisan, cing pasihan solusi kedah kumaha ngubah audio pita kaset supados janten mp3 anu sae, diantos waleran nana

    BalasHapus
  4. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  5. Abdi mah nganggo cool edit, hasilna lumayan. Pami tiasamah teras diedit, supados noise-na ical.

    BalasHapus
  6. leres nuhun atuh kang, salam pangwanoh ti urang garut

    BalasHapus
  7. hatur nuhun kang ade wayang na katampi pisan, ulah kapok munculkeun deui nu enggal, nu teu aya di blog nu sanes

    BalasHapus
  8. pami aya lalakon bambang panca netra sareng partakrma, nuhun

    BalasHapus
  9. Nuhun pa ade, akh bade nyedot deui

    BalasHapus
  10. koleksi kang deon leres-leres "original" da teu aya di blog sanes... :) pa asep mugia ngawidian, nun!

    BalasHapus
  11. nepangkeun salam pangwaanoh ti urang soreang! manawi kagungan carios sang hyang talaga pancoran. Hatur nuhun

    BalasHapus
  12. abdi mah hoyong nu hasil rekaman ah... nu sok di puter dinten rebo malem kemis

    BalasHapus
  13. supados suara alit ka kuping sepertos kecrek dalang, naon pa anu kedah di edit dina cool edit kanggo mp3 wayang golek, wartosan pa

    BalasHapus
  14. kang nyuhunkeun bantosana. punten pisan, hoyong di kintun paswordna. ka : syanghiang_tunggal@yahoo.com

    BalasHapus
  15. kang abdi hoyong pasword na tiasa punten hoyong dikintun ka abah.amung@live.com
    nuhun

    BalasHapus
  16. kang punten nyuhunkeun paswordna ka "ikiru42@yahoo.co" hatur nuhun

    BalasHapus
  17. hatur nuhun katampi pisan pidangan MP3 wayang golek na, mugi sing janten berkah ka sadayana... komo upami aya video na, tangtos langkung anteb... hatur nuhun

    BalasHapus
  18. password na kang nuhunkeun di share wios dikintun dianpramana18@gmail.com. Nuhun ah kang.

    BalasHapus
  19. password na kang nyuhunkeun di share wios dikintun ndhitzyazid@yahoo.co.id. Nuhun ah kang

    BalasHapus
  20. kang dupi hoyong password na kumahanya kang...
    mun tiasa mah share keun ka fb abdi mun teu tiasa mh bales pesan abdi...
    ieu alamat fb abdi brean_jhon@yahoo.com..

    nuhun nya kang...

    BalasHapus
  21. kang passwordna nyuhunkeun ka putrasantana@ymail.com ,.,.,
    hatur nuhun satacan na.,.,.

    BalasHapus
  22. izinnn...download mang....tiasa nyuhunkeun passwodnya....wios ka email simkuring ekoamalyah@yahoo.co.id

    BalasHapus
  23. kang punten nuhunkeun passwordna kirim ka email abdi atoy.kastara@yahoo.com
    haturnuhun sateuacana.

    BalasHapus
  24. kang nyuhunkeun paswordna ka email abdi ceparya@gmail.com, hatur nuhun mangga urang jagi sami-sami budaya sunda... amin

    BalasHapus
  25. kang nyuhunkeun passwordna ka email abdi yoseph.rh@gmail.com...hatur nuhun

    BalasHapus
  26. punten akang,,,nyuhunken password na?upami tiasa mah,,,krim ken ka email abdi yayatmoelyana@yahoo.co.id
    haurnuhun

    BalasHapus
  27. punten kang abdi nyuhunkeun password na kirim ka email m.faishal.m@gmail.com
    hatur nuhun sateuacan na

    BalasHapus
  28. pangapunten pangersa. manawi gaduh mp3 karya Ki Dalang Tjetjep Supriyadi, bade langsung disedoot we ku pribados he he. hatur nuhun.

    BalasHapus
  29. punten kang abdi nyuhunkeun password na kirim ka email botaksanjaya@gmail.com
    hatur nuhun sateuacan na

    BalasHapus

Komentar Via Facebook